22 April 2010

Cerita Ibenk Kecil

seingat saya, jarang sekali saya buat cerita dalam bahasa Sunda. Menulis dalam bahasa Sunda susah-susah gampang. Padahal waktu dulu kecil, saya termasuk anak yang senang dengerin carita dongeng di radio. mungkin karena kerinduan itu pula saya sempatkan menulis dalam bahasa Sunda. meskipun masih simpel-simpel.
yang gak ngerti bahasa Sunda mohon maaf. entr-entar saya transletkan ke bahasa Indonesia.


Menta Kuahna we atuh, Mang.
(Ibenk Kecil jeung Tukang Somay)

prolog: Tukang Somay (TS) liwat nakolan awi sapotong

TS : tek..tek..tek... (sora awi ditakolan)
IK : mang..mang.. kadieu geura, Mang.
TS : Bade meser, Ujang. Sok atuh. Bade sabarahaeun meser somayna?
IK : somayna sabarahaan kitu, Mang?
TS : saratusan, ujang.
IK : lamun kentangna sabarahaan, Mang?
TS : sami.. saratusan.
IK : lamun engkol na, Mang?
TS : sami ujang saratusan sadayana oge.
IK : ari tahuna, Mang?
TS : sarua, siah teh ujang! Sok buru arek sabaraheun meulina!?
IK : lamun gopeun sabarahahijieun, Mang?
TS : Euuhh.. nya atuh lima, ujang. Can bisa ngitung kitu manehteh!?
IK : acan bisa atuh, Mang. Terus Mang..Mang.. Lamun kuah na sabarahaan, Mang?
TS : kuahnamah gratis, Ujang. Sok atuh gancang. Arek sabaraheun meuli somayna?
IK : ah.. lamun kitumah urang rek menta kuahna wungkul we, Mang.
TS : euuhh..! budak gelo siah!!



Tukang Kiridit Kabaya

IK : emak..mak.. ari Kartini teh saha, Mak?
Emak : Kartini? Kartini anu mana, Ujang?
IK : ah.. duka atuh. Emang aya sabara hiji kitu Kartini teh, Mak?
Emak : Ah, teuing atuh. Teu apal Emak oge. Kunaon tatanya kitu, Jang?
IK : eta we kamari pas poe Kartini loba nu make kabaya.
Emak : oh, tukang kiridit kabaya meureun Kartini teh, Ujang.


Diinuman Ku lauk

IK : abah, ari wahangan teh tungtungna ka mana, Bah?
Abah : ka laut atuh, Ujang.
IK : ih, anu bener, Abah?
Abah : enya, Ujang. Sakabeh wahanganmah tungtungna aya di laut.
IK : maenya, Abah?
Abah : ih.. bener, Ujang
IK : ari wahangan aya sabaraha hiji kitu, Bah?
Abah : wahangan rea, Ujang. Rebuan. Naha ari kitu, Jang?
IK : asa araraneh we, Abah. lamun cai wahangan loba, naha ari cai laut teh teu pinuh-pinuh, Abah?
Abah : Ke..ke.. keheula..nya. Asa rieut yeuh.
IK : naha nya, Bah? Aneh..
Abah : o, eta we pedah caina sok diinuman ku lauk meureun. Pan lauk di laut mah rea.
IK : ooo..



Elmu mah Hampang Ujang

IK : Emak..emak. Mun geus gede, Ujang mah hayang jadi dokter, Mak.
Emak : naha Ujang teh bet hayang jadi dokter?
IK : eta we.. meh pinter, Mak. Ceuk guru oge tadi di sakolala jelema pinter mah teu raridu. Lantaran elmu mah teu beurat dibabawa.
Emak : enya teu beurat elmu mah, Ujang. Anu beurat mah nyakolakeunnana.

1 comment:

Nisye said...

eleuh eleuh.. opo iku artine?