27 April 2010

Carita si Ibenk bag. 2

Arek Maen Bola Atawa Naon Ieu Teh?

Palatih : omat euy barudak. Minggu hareup mah lamun bisa, ngadu maen bola ka lembur batur teh kudu digaranti sapatuna.

Ibenk : ganti sapatu kumaha maksudna, Pak?
Palatih : lamun bisa mah diganti ku sapatu anu cang na loba.
Ibenk : naha bet kitu, Pak? Lapangna goreng lain, Pak? Laleueur kitu?
Palatih : ih, lain. Supaya lamun nincak ka suku batur teh, karasa leuwih nyeri euy.
Ibenk : oo.., siap atuh, Pak!
Palatih : tah sakitu pesen ti bapa mah. Sok, ayeuna aya nu ditanyakeun jang persiapan minggu hareup teh?
Ibenk : naros, Pak.
Palatih : arek nanya naon maneh?
Ibenk : perlu di asah heula teu cang na, pak? Meh rada seukeut saeutik!?
Palatih : ih.. ulah atuh. Bahaya.
Ibenk : siap lah, lamun kitu mah.
Palatih : sok, aya deui nu ditanyakeun?
Ibenk : eta, Pak. Euu.. Perlu mawa batu teu, Pak?
Palatih : eeuuh... manehmah! Komo deui mawa batu mah. Ulah!! Matak picilakaeun wae kalakuan teh. Tapi, jang jaga-jaga mah mawa paneunggeul we jeung bedog saurang hiji mah.

=========================================
Obat Tetes
Ibenk : euhh..!! Obat nyamuk teh euweuh nu bener nya!?!. Obat nyamuk-obat nyamuk ngagedur hurung. Reungit-reungit ngagugulung.
Abang : aya naon ieu teh.
Ibenk : eta puguh oge. Obat nyamuk jaman ayeunamah garoreng. euweuh nu mempan. Eta coba tempo. Reungit teh kalangkah ngagugulung obat nyamuk.
Abang : ari teu mempan mah, ganti atuh ku obat nu dibalurkeun.
Ibenk : mahal atuh make nu kitu mah. Bari jeung can puguh paeh reungit na oge.
Abang : ari hayang murah bari jeung ampuh mah, ganti atuh ku obat nyamuk tetes. Dijamin eta mah. Reungitna langsung paraeh. Ngan eta we rada tangeul wungkul make na.
Ibenk : obat tetes? Asa karak ngadenge tah. Nya kumaha kitu makena?
Abang : enya rada tangel saeutik. Carana, reungitna cekelan hiji-hiji ku maneh. Kakarak obatna di teteskeun ka reungitna. Tah dijamin! langsung paraeh rengit teh.

===================================================
Halodo Panjang
(Obrolan Tilu Jelema Gede Rahul)

Jalma 1: di lembur kuring mah ayena teh keur hese cai, euy. Walungan ge tepi ka ngoletrak saat caina teh. Kamari mah lauk oge tepi ka ngiuhan dina handapeun tangkal jamu. Saking ku panas na, meureun.

Jalma 2 : sarua atuh euy. Dilembur kuring oge keur halodo pisan ayeuna teh. Sawah ge tepi ka bareulah. Tepi ka belut oge ngalabring marake cetok. Ceunah mah arek ka girang, neangan cai.

Jalma 3 : euuhh! sarua atuh lamun kitu mah. Da di kota oge keur hese cai ayeunamah. Saking ku euweuh cai, meteran PDAM di imah kuring tepi ka dicabut ku petugas PDAM. Geus arek bangkrut meureun tah PDAM teh.

==================================================
Bisi Gareuring

Eutik Kecil (EK) : arek ka mana, Ibenk?
IK : ka dieu yeuh. Arek meuli obat nyamuk ka warung.
EK : manehmah reungit diobatan.
IK : ngahaja puguh oge, Eutik. Bisi gareuring reungitna.

==================================================
Pikasieuneun Guru BP teh.

Ibenk : bade beberesih sareng sanes, Pak?
Guru BP : ah, moal.
Ibenk : eta geuning nyanyandak kored ka sakola teh?
Guru BP : Ieu mah jang rajiaan. Jang nyukuran budak gondrong di sakola.

==================================================

Isukan mah dibanyur ku Emak Geura
Emak : Ujang! Geura hudang atuh! Geus beurang. Dipacokan ku hayam geura tah rejeki teh.
IK : hoammm. Tong jadi ringrang atuh, Mak. Pan urang mah teu boga hayam hiji-hiji acan.

Sababaraha poe Sa eunggeus Emak meuli hayam.

Emak : heyy.. Ujang! Buru geura hudang! Dipacokan ku hayam geura rejeki maneh teh. Tuh tempo kaluar geura. Hayam mah geus kokoreh wayah kieu teh.
IK : hooaayy... nya alus atuh dipacokan ku hayam mah, Mak! Jadi teu kudu meulian lunte. Pan lain mahal lunte ayeuna teh..?

Kaisukannana

Emak : Ujang. Buru hudang, geus jam lima leuwih!
IK : tunduh keneh atuh, Mak.
Emak : sare we maneh mah. nyaho teu sato nu sarena dalapan jam?
IK : naon kitu, Mak?
Emak : Babi, ari hayang nyaho mah. Tah, maneh hayang disebut babi?
IK : ih.. alim atuh, Mak. Nya lamun kitumah, arek ditambahan dua jam deui we sare na.

======================================================
Nyonyoo Taneh

Keur si Ibenk leutik keneh
Abah : ih, Ujang, Menak. Ulah nyonyoo taneuh bageur. Bilih kotor.
IK : da hoyong atuh, Abah.
Abah : ih, ulah atuh. Mendingan oge jajan, yuk!?!
IK : nya hayu atuh.

Keur Si Ibenk geus gede
Abah : Ujang! Hayo geura indit ka sawah. Paculan sawah teh!
Ibenk : alim atuh, Abah!
Abah : euuhh.. maneh mah! kabisa teh ngan mentaan duit we!
Ibenk : ari itu si Abah. Apan baheula ceuk Abah oge ulah nyonyoo taneuh. Bisi kotor. Ari ayeuna bet ngajurung-jurung bari jeung maksa.

=======================================================
Pibiniheun

Ibenk : Abang. Itu tempo geura awewe teh. Nya bodas nya jangkung. Butuh euy urang kanu kitu teh?
Abang : nya keur naon kitu, Ibenk?
Ibenk : keur pibiniheun euy.
Abang : euhh.. maneh mah!!


sakitu heula we atuh...
upami tiasa mah ninggal keun komentar. komo dui lamun ninggal artos mah. he..

No comments: